SASAKALA SITU BAGENDIT
1. Baca sing gemet dina jero hatẽ!
SASAKALA SITU BAGENDIT
Situ
Bagendit tẽh ayana di
lembur Bojongsalam, kira-kira lalampahan 6 atawa 7 kilo meter ti kota Garut.
Ceuk bẽja mah Situ Bagendit baheulana
kacida legana, aya kana saratus bauna. Tapi ayeuna mah nilik sarẽatna tangtu kurang ti sakitu.
Ceuk
sasakala, Situ Bagendit tẽh
asal muasalna ti Nyi Endit randa beunghar, tapi kacida pisan kumedna. Geus teu
aya nu bireuk deui kana kakumedanana. Tara aya nu lar sup ka imahna. Éstuning
lain bobodoan ẽta mah hirup
nyorangan tẽh. Ari
beungharna mah tẽtẽla. Upluk-aplak lega sawahna.
Kacaturkeun usum panẽn, Nyi Endit nyadiakeun dahareun keur nu tas digarawẽ, disebutna sidekah gedẽan. Nu tas digarawẽ diondang nya kitu deui Ki Lebẽ tukang ngado’ana diondang, atuh ngariung tẽh nepi ka aya ratusna, tapi sasadiaan teu sabaraha nepi ngan sakotẽap geus bẽrẽs, ting karẽtap kẽnẽh.
Keur meujeuhna
balakẽcrakan, solongkrong aya aki-aki bongkok
nyampeurkeun, maksudna mẽnta sih piwelas.
Ana gantawang tẽh Nyi Endit nyarẽkan lak lak dasar, majarkeun tẽh taya kaẽra teu ngahutang
gawẽ mẽnta bagian,
aki-aki ditundung dititah nyingkah. Aki-aki indit bari jumarigjeug, bangun teu
nangan. Mẽmẽh indit manẽhna ngomong kieu: “Sagala ogẽ boh ka nu hadẽ, boh ka nu gorẽng, tangtu aya wawalesna.” Ngomongna kitu tẽh ka saksian ku sakur nu aya didinya.
Tina
Buku Basa Sunda Kaluaran Balai Pendidikan Guru (BPG) 1977
2. Ilo tur regepkeun vidio di handap!
No comments:
Post a Comment